A. MATERI POKOK: KAULINAN BARUDAK
1.
Pedaran kaulinan barudak
Kaulinan
barudak téh nya éta kaulinan (permainan) anu sering dilakukeun ku barudak, dina
waktu keur salsé. Biasa dipaénkeun ku barudak generasi baheula. Kukituna
disebut kaulinan barudak tradisional. Sementara ayeuna mah geus jarang dipaénkeun
ku barudak. Lolobana barudak ayeuna milih maén kaulinan nu aya dina aplikasi
atawa “game online.” Kaulinan barudak tradisional (kaulinan barudak) loba pisan
rupana, misalna damdaman, perang gobang, anjang-anjangan, boy-boyan, béklen, perang gobang, congklak,ucing sumput, émpét-émpétan,
galah asin, gatrik, jajangkungan, sondah, luncat tali, ngadu kaléci,
éncrak, éngklé, sorodot gaplok, ucing-ucingan, suten, béklen, langlayangan, panggal, bébénténgan,
boyong, boy-boyan, bubuyungan, cacaburanggé, cingciripit, jeung endog-endogan.
Aya nu biasa di paénkeun ku sorangan saperti langlayangan, jajangkungan, momobilan
tina jeruk bali, wawayangan tina daun sampeu, orok-orokan tina sarung. Kaulinan
barudak saenyana mah, lolobana dipaénkeun ku lobaan. Dua budak atawa leuwih. Kaulinan
barudak nu biasa dipaénkeun ku awéwé diantarana anjang-anjangan, congklak, béklen,
éncrak. Aya ogé nu biasa dipaénkeun ku barudak lalaki misalna ngadu kaléci,
langlayangan, jajangkungan, panggal. Kaulinan barudak nu biasa dipaénkeun ku
barudak lalaki ogé awéwé nu lian ti ditataan di luhur. Kaulinan barudak biasa dipaénkeun
dina mangsa beurang, soré, atawa peuting na mangsa caang bulan. Tempatna bisa
di hareupeun imah, halaman nu lega, atawa di lapang.
Kiwari
kaulinan barudak geus jarang dipaénkeun ku barudak. Ku lantaran kitu, aya upaya
masarakat pikeun ngawanohkeun deui kaulinan tradisional. Saperti nu ditaratas
ku komunitas Hong di Bandung. Ieu komunitas téh ngupayakeun kampanyeu pentingna
ngabudayakeun deui kaulinan barudak dina kahirupan barudak kiwari. Tina upayana
éta, sababaraha waktu katukang meunang pangajén diantarana ti liputan 6 Award
SCTV, Métro TV, Inspirasi Indonesia, jeung Pemuda Kréatif Indonesia. Kitu deui
sababaraha pémda saperti Kota Bandung, Kabupaten Bandung, jeung Subang,
sababaraha waktu kaliwat dina festival ulang taun daérahna di selapkeun féstival
kaulinan barudak. Maranéhna boga pamadegan yén kaulinan “game” nu digugulung ku
barudak kiwari, ngajadikeun barudak leuwih individualistis, loba anteng
sorangan, anteng nyoo HP, teu sadar lingkungan. Sementara dina kaulinan tradisional
mah sabalikna, loba mangpaatna keur barudak. Kaulinan barudak mangpaat pikeun
ngasah jiwa jeung raga. Barudak kalatih jiwa disiplin, jujur, gawé bareng
(kerjasama), sportif, kompetitif, komunikatif, toléransi sosial, kréatifitas,
tanggung jawab, micinta alam, jeung nguatan ahlak atawa karakter. Kituna teu
salah, hal éta luyu jeung pamadegan Piaget, dina Santrock (2013) yen kaulinan barudak bakal ningkatkeun
tumuwuhna aspék kognitif, sabab bakal
ditungtut pikeun prakték dina widang kompeténsina sarta bakal meunang kaparigelan kalawan cara pikagumbiraeun.
Kaulinan barudak ngandung ajén (nilai) seni, atikan
(pendidikan), moral, psikomotor, jeung pesan moral. Barisan nu diatur dumasar
jangkungna awak, sarta luar-léorna mirupa gerakan oray, hal ieu ngandung ajén seni.
Kitu deui rumpaka-rumpaka dina kakawihan ngandung ajén seni sastra. Ditungtut
jiwa kapamingpinan, stratégi, kamampuh gawé bareng ngagambarkeun ajén
atikan dina kaulinan barudak. Kamampuh motorik, gerak nu lincah jeung cekatan ogé
loba dina kaulinan barudak. Sementara pesan moral dina kaulinan barudak ogé
kagambar dina kakawihan kaulinan barudak oray-orayan. Dina rumpaka kakawihana
ngingétan barudak ulah ulin ka tempat-tempat sambarangan.
Dina
kaulinan barudak ogé ngandung simbol-simbol nu nandakeun pesen-pesen kahirupan.
Misalna dina kaulinan congklak. Tujuh liang nandakeun tujuh poé dina
samingguna. Maénkeuna ngumpulkeun batu nepika pinuh, sanggeusna pinuh
dikumpulkeun di gunung. Gunung jadi simbolna lumbung, tempat nyimpen barang.
Hal ieu ngandung pesen moral, yén manusa kudu giat digawé supaya nyukupan
pangabutuh kahirupan. Dina kaulinan jajangkungan(égrang), kagambarkeun pesan
moral mun manusa kudu tabah ngolah rasa jeung kasaimbangan sahingga tetep aya
dina kaluhungan budi. Kaulinan éngklé ngabogaan pesen moral, yén perjalanan
hirup di dunya téh bakal tinemu akhirna di aherat. Kotak-kotak nu diliwatan
nandakeun poé, sarta buleudan nandakeun sawarga.
Mun ninggali mangpaatna nu loba tina kulinan barudak, kudu
néanggan cara supaya kaulinan
barudak dipiwanoh ku barudak ayeuna. Misalna, kolot barudak ngawanohkeun kaulinan
barudak di imahna séwang-séwang.
Di sakola, guru jeung siswa tur Kepala Sekolah ngayakeun ekskul kaulinan
barudak, nu dina program-programna maluruh jeung prakték
kaulinan barudak, ngalibetkeun murid-murid nu aya di lingkungan sakolana.
Saterusna éta kagiatan di jadikeun festival dina kagiatan seni taunan di
sakola. Kawasna barudak sakola bakal raresepeun.
2. Kandaga Kecap (Sunda-Indonesia)
ayeuna : sekarang
baheula : dahulu
caang bulan : bulan purnama
dipaénkeun : dimainkan
ditaratas : dimulai
kiwari : sekarang
kulinan barudak : permainan anak
maluruh : mencari
mangsa : waktu
ngawanohkeun : memperkenalkan
pikagumbiraeun : menyenangkan
rumpaka : lirik
tumuwuhna : berkembangnya
wangun : bentuk
Pancen 1 (Mandiri)
Sanggeus maca pedaran ngeunaan Kaulinan Barudak di luhur, pék ayeuna
jawab pananya di handap luyu jeung eusi pedaran di luhur!
1.
Naon kaulinan barudak téh?
...................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................
2.
Naon sababna kaulinan barudak tradisional teu dipiwanoh
ku barudak kiwari?
...................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................
3.
Naon mangpaatna kaulinan barudak téh?
...................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................
4.
Naon pesan moral nu aya dina kualinan barudak téh?
...................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................
5.
Kumaha carana ngawanohkeun deui kaulinan barudak ka
barudak ayeuna?
...................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................
3.
Conto Sawaréh Kaulinan jeung Cara Maénkeunna
1)
Kaulinan nu teu maké kawih
a. Kaulinan Perang Gobang
Salah
sahiji kaulinan anu kawilang jarang kapanggih dina buku-buku atawa ogé di masyarakat tapi pernah populér
di lembur taun 83 an. Éta kaulinan téh ngarana nyaéta kaulinan perang gobang. Ieu
kaulinan téh husus budak lalaki nu barudak nu geus araya umuran SD kelas 6
atawa SMP kelas VII, VIII, IX. Tapi sok sanajan kitu ieu kaulinan sok
ngalibetkeun barudak nu laleutik kénéh biasana adi-adina. Carana diilukeun jadi
anak bawang. Pedaran anak bawang geus disebutkeun di luhur. Alat anu dipakénya éta awi nu panjangna kurang
leuwih 60 cm diraut nepi ka rapih teu aya hinis nu matak bahaya. Gagangna maké
sendal capit urut dipelengkungkeun terus ditojos.
Ari
jumlah anu maénna kudu jangkep jeung dina jumlah nu kawilang loba misalna
genepan, dalapan, sapuluh, dua belas urang malah aya anu sampé dua puluh urang sagala. Nu jelas mah kumaha jumlah budak
lalaki nu sapantaran di éta tempat. Malah kadang kala dina musim musim nu tangtu
sok diadu antara lembur A jeung lembur B.
Lamun
pamaén jumlahnya sapuluh maka engkéna bakal maén lima lawan lima. Méh sarua
jeung bébénténgan. Mimitina kieu barudak nu rék maén néangan pasangan anu awakna
sapantar atawa nu umurna méh sarua. Terus milih bagian dampal leungeun naha rék
nangkub atawa bagéan nangkar. Sanggeus kabéhana siap sarta masing-masing geus
boga pilihan. Kukulu atawa jalma budak nu dianggap déwasa nyebutkeun “geus euy”
Sakabéh barudak ragem nu nangar nyorowok nangkar. Nu nagkub ogé sarua nyorowok
nangkub. Ngan aya waé anu sok jangjian saméméhna supaya ngabalad dina éta
kaulinan perang gobang. Kaayeunakeun mah cara kitu téh dirobah jadi jumsut
Geus
kitu mah dua pihak misah. Terus jamsut saha nu bagéan nyumput jeung saha nu bagéan
néangan. Sasaran anu kudu keuna nya éta lebah bagéan suku, ti tuur ka handap
pingping mah teu meunang. Kaulinan mirip jeung anggar ngan ari anggar mah hiji
lawan hiji. Ari ieu mah kelompok. Lamun di salah sahiji kelompok geus paéh
(keuna sukuna ku pepedangan tina awi téa). Cara maénna mah gobang téh silih
tahan jeung silih serang tuktek-tuktek ramé pisan.
Pancén 2 (Mandiri)
Sanggeus maca pedaran ngeunaan kaulinan
barudak di luhur ayeuna cing Pék jawab pananya di handap!
1.
Dina kaulinan barudak “Perang Gobang” bisa diulinkeun ku
barudak kelas sabaraha waé?
..........................................................................................................................
..........................................................................................................................
2.
Alat naon nu dipaké jeung sakumah ukuranana dina kaulinan
“Perang Gobang” téh?
..........................................................................................................................
..........................................................................................................................
3.
Cing sebutkeun jumlah pamaénna bisa sabaraha waé dina éta
kaulinan téh!
..........................................................................................................................
..........................................................................................................................
4.
Kumaha cara ngabagi dua ngabédakeun babaturan jeung musuh
dina éta kaulinan téh. Jelaskeun!
..........................................................................................................................
..........................................................................................................................
5.
Cing terangkeun kumaha cara maénna!
..........................................................................................................................
..........................................................................................................................
b. Anjang-anjangan
Anjang-anjangan
nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tanangga, aya bapa, ibu, anak,
tatangga, warung, pasar jeung nu lianna. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé,
tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. Saenyana mah teu
aya aturan nu matuh, mung palingan gé budak nu kabagéan peran bapa, indung
atawa anak kudu bisa neuleuman peran nu dilakonan. Mun saenyana aya nu teu bisa
neuleuman, biasana sok dipoyokan teu bisaeun ulin.
c.
Boy-boyan
Boy-boyan téh salah sahiji
kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas
anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg
(10 - 15) sina ngajajar kaluhur. Kabéh anu teu jadi ucing, saurang-saurang
ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa
ngaruntuhkeunana. Lamun kenténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy
ngaberikkan ka anu maén tadi sangkan beunang dibalédog ku bal-na. Lamun aya anu
keuna, pamaén kaluar tina kaulinan nepikeun kabéh kabalédog ku balna.
d.
Bébénténgan
Bébénténgan nya éta
kaulinan anu dipétakeun ku cara silih beunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg
anu dijaga ku batu, talawéngkar jsté.
e.
Béklen
Béklen atawa béklen nya éta kaulinan anu
maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa
téras. Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata
dipaénkeun ku sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rék 20
ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. nu maraénna andéprok na téhel
nu beresih nguriling jiga samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali
ngacleng kana téhel, tuluy kewukna diawurkeun kana téhel, mimiti nyokot kewuk
hiji-hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali téa, da mun dua kali atawa
leuwih mah lasut. Conto maké kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku
dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna ditangkarak-tangkarakkeun kabéhanana,
dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna. Geus kitu kewuk ditangkub-tangkubkeun prosésna
sarua jiga nu diluhur, geus ditangkubkeun kabéh, tuluy dibawaan deui. bagéan ka
batur mah lamun pamaén ka hiji lasut, nya giliran maénkeunana.Minangka
ujianana, istilahna "naspél". Sanggeus prosés kahiji nepi ka prosés
ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspelna téh kewuk
ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu kabéh, geus kitu ditangkub-tamgkubkeun keun
dirawu deui. geus kabéh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus
dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun
dina dampal leungeun nyésa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui. Éngké
ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna. henteu mimiti ti 1. jadi langsung.
kitu ogé nangkarak-nangkarakeun, nyokotna 2/3/4 kumaha nu kasanggap téa. mun
keur naspel lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi
ka bisa ngaranggeum kewuk téa).
f.
Congklak
Congklak
nya éta kaulinan maké papan kai dieusi kewuk. Geus aya lombang--lombangna 7,
ngajajar. Di hareupeun lombang 7 gé aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna. Éta lombang téh
dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa baréto mah mun congklakna dina taneuh,
sikina sok ku batu laleutik.
Cara
maénna, lombang dieusian
masing-masing 7 siki. Ari lombang gedé minangka lombang rajana mah henteu
dieusian, dipaénkeun ku 2 urang teu bisa leuwih.Sanggeus kabéh lombang leutik
dieusian, tuluy salahsahiji nu maén nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka
beakna siki. Giliran ieu nu lombang gedé (tabungan manéhna, nu beulah kencaeun
nu maén) gé dieusian sasiki,
lasutna téh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu
lombang luhur aya eusian disebutna "nembak", siki nu lombang kosong,
jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maénéta. Nya geus kitu mah
bagilir bagéan pamaén lawanna da lasut téa.
g.
Damdaman
Damdaman
nya éta kaulinan anu maké mikir lantaran butuh strategi sangkan buah daun urang
teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
h.
Empét empétan
Empét-empétan
nya éta kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.di maénkeun
ku barudak bari seuseurian jeung gogonjakan.silih ponyok tarompét saha anu butut sorana.
i.
Ucing Sumput
Ucing-ucingan nyaéta kaulinan
néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula
méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu kawentar di mamana, hususna di Indonésia. Nu maén pangsaeutikna 2
budak, tapi tangtu leuwih loba leuwih ramé. Salah saurang budak kapeto jadi
jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.
Cara ulinna, kabéh budak salian nu
'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancén kudu nimukeun
babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi
jaga mun sakabéh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan néangan
sésa baturna nu can kapanggih, bisa ogé
henteu gumantung aturan maén nu disatujuan saméméh maén.
Aturan maén nu séjénna biasana mah ngeunaan wewengkon. Nya éta wates-wates pangjauhna
hiji budak meunang nyumput/nyamuni téh diatur dina aturan maén téh nu
disatujuan saméméh maén. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar
otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manéhna kapanggih
pangpandeurina.
Variasi :
Aya ogé
nu sarupa nya éta ucing kaléng, ucing jibéh, jeung ucing bancakan.
j.
Galah Asin
Galah
asin nya éta kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji
kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél
atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan. Cara
maénna saperti kieu. Aya sababaraha kalompok
(grup).Sakalompokna biasana aya dua urang. Kaulinan ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana di
lapangan terus maké garis.Cara ménna salah sahiji kalompok, nangtung sajajar ngajagaan lapang atawa garis.Tiap
garis dijagaan ku tiap urang. Kalompok
anu lawan tugasna sangkan bisa ngaliwatan éta garis. Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji, kudu dituluykeun deui kanu baris kadua. Mun gagal ngaliwatan garis, berarti éléh. Saterusna tuluy gantian.
k.
Gatrik
Gatrik
nya éta kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan
diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
l.
Jajangkungan
Jajangkungan atawa égrang nya éta kaulinan leumpang maké
awi dua anu aya panincakan.
m. Sondah
Sondah nya éta kaulinan ku cara
éngklé-éngkléan ngaliwatan kalang
kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang
ditincak. Cara Maénna téh ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci.
Biasana dina taneuh diguratan
heula, rék ku kapur atawa ku naon waé
asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rék gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangka sukuna téh aya sababaraha pétak
wangunna pasagi 3 atawa 5 kotak.Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodél trapesium dibagi dua, mun calana samodél pasagi panjang sarua dibagi dua,
minangka awakna paragi engklé
deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.
Aya nu disebut "kojo"
biasana tina potongan kenténg. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg,
kenténgna ulah nu kandel
teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah téa, teu kaluar
tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maénna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana
kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak éngklé-engkléan (kaci ku suku kenca atawa
suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagéan awak gambar engklé deui,
nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui engklé ti sirah ka awak, tuluy
ka anderok/calana gambar, tuluy engklé deui, pas lebah aya kojo téa nu tadi
dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy éngklé deui. Mun
geus bérés, kojona dialungkeun deui kana kotak nu
kadua, tuluy wé kitu
puncakna, si kojo dialungkeun
kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek,
sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung
tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.
n.
Luncat Tali
Luncat
tali nya éta kaulinan
ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan.Talina saeutik-saeutik diluhurkeun. Dipaénkeun ku 3 urang-leuwih maké tali nu panjang, biasana tina
bahan nu leuleus liat sangkan
teu ngabahayakeun atawa tisaringked. Kulantaran kitu, biasana tali téh dijieun
tina karet geulang ditumbu-tumbukeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai
semet tuur tuluy naék ka
luhur ka semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy
diacungkeun ku leungeun. Cara maénnna teh budak nu teu
nyekel tali kudu ngajleng saluhureun wates tali téa. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng téh
teu teu meunang antel kana tali, antel manéhna lasut alias kudu genténan nyekel
tali.Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang
ogé maké téhnik "dikepoh" nya éta suku kenca meulit kana tali
dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu
ngajleng téa.
o.
Ngadu Kaléci
Ngadu
kaléci nya éta kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan. Cara maénna nyaeta dipaénkeun kudu duaan. Dibutuhkeun kaléci (pincian) jang maénkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu séjéna keur mayar mun éléh. Ngadu kaléci perlu lahan nu rada lega. Kira-kira saukuran lapangan poli atawa satengahna.
Kukituna mun maraén pincian téh di pakarangan
imah nu lega. Dina aréa ngadu kaléci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua sekitar kira-kira 4 meter. Cara maénkeunana kieu; 1.Pemain narangtung di garis nu
kahiji siap-siap ngalungkeun kaléci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaléci ragragna deukeut kagaris nu kadua, sukur-sukur pas dina garis (telep).
Urutan ngalungkeun mun kakarék maén biasana diundi maké cara sut (gangsut?). 2. Pemaén nu kalécina ragragna pang deukeutna kana garis maén pangheulana. Disusul
ku nu séjéna dumasar kana jarak ka garis. Cara maénkeunna maké ramo tangan kaléci diarahkeun ka kaléci batur. Mun beunang budak nu kalécina beunang kudu mayar ku kaléci,
ogé langsung ngarah kaléci nu séjéna. Hiji mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan bisi kaléci
urang rék diarah ku batur.
p.
Ucing Ucingan
Ucing
ucingan nyaéta kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék
ditoél ku nu jadi ucing. Aturanna teh
biasana dipaénkeun ku leuwih ti 2 urang. Aturan maénna dimimitian ku
undian/hompimpah, pikeun nangtukaeun saha ucingna. Budak anu kabagén jadi ucing kudu ngudag babaturanana sangkan
beunang katoél/katepak. Aya
dua aturana nya
éta mun geus beunang katoél ku ucing, otomatis jadi ucing jeung budak nu jadi ucing saméméhna bisa bebas
tina tugas jadi ucing.
Aturan séjénna,
mun pareng beunang katepak ku ucing, nu katepak éta otomatis jadi babaturan
ucing, jeung nu ucing méméhna tétap jadi ucing tepi ka kabéh anu miluan
ucing-ucingan bisa katéwak. Mun geus katéwak, biasana
balikan deui tina hompimpah.
q.
Éncrak
Éncrak nyaéta kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki
asém, siki tanjung,
jsjb.)
r.
Éngklé
Éngklé nya éta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku
nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi wates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu
ditangtungkeun. (ilikan deui kaulinan sondah).
s.
Sorodot Gaplok
Sorodot
gaplok nyaéta ampir sarua jeung éngklé ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang
gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.
t.
Suten
Suten
atawa pingsut nyaéta kaulinan leungeun samodél Rock, Paper, Scissors anu
kawéntar sadunya, ngan pédah dilakukeunana maké ramo. Suten biasa dipaké pikeun nangtukeun saha anu jadi ucing dina kaulinan ucing
sumput ucing ucingan, jsjb.
1)
Kaulinan Barudak nu maké Kawih
a.
Palima
Gobang
Bang bang palima-lima gobang, bang!
Bangkong di tengah sawah, wah!
Wahai tukang bajigur, gur!
Guru sakola désa, sa!
Saban poé ngajar, jar!
Jarum paranti ngaput, put!
Putri nu gareulis, lis!
Lisung katindih halu, lu!
Luhur kapal udara, ra!
Ragrag di Jakarta, ta!
Taun opat hiji, ji!
Haji rék ka Mekah, kah!
Kahar tujuh rebu, bu!
Buah meunang ngala, la!
Lauk meunang nyobék, bék!
Béker meunang muter, ter!
Terus ka Citapén, pén!
Péna gagang kalam, lam!
Lampu reujeung damar, mar!
Mari kuéh hoho, ho!
Hotél pamandangan, ngan!
Ngantos kangjeng dalem, lem!
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong!
b.
Cacaburangé
Cacaburangé nya éta
Kaulinan di jero imah bari Kakawihan, Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang
anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
c.
Cing Ciripit
Cing
ciripit nyaéta kawih paranti milang, saméméh ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh
eméng-eméngan. Cara maénna mimiti barudak ngariung, tuluy salah saurang budak
biasana budak nu panggedéna ngasongkeun dampal leungeunna katengah riungan bari
narangtung, tuluy budak séjénna ngasongkeun curukna séwang-séwangan ditapelkeun
kana luhureun dampal leungeun budak nu panggedéna téa, sanggeus kitu barudak
anu ngasongkeun curukna séwang-séwangan téa, ngangkat jeung nurunkeun curukna
séwang-séwangan bari ngawih cing ciripit, saha nu kacekel curukna berarti éta
nu éléh atawa nu eméng kudu ngudag barudak séjén nu teu kacekel curukna, nu séjén lalumpatan
ngajauhan nu eméng, tuluy mun aya nu kacabak salah saurang budak berarti jadi
pindah budak éta nu eméng jeung kudu nyabak atawa ngaeméngkeun barudak séjénna
kitu saterusna nepi ka kabagéan kabéh. Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy,
ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran
budak.
Kakawihanna kieu:
Cing ciripit Tulang Bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré,
Bulu paré seuseukeutna
Kawih lianna :
Cing ciripit
Kadal buntung, dua
saringgit dipaké
nyandung, a, i,
u, daun cau nangka ngora, Ari tang tang tang tangkeupan....
Atawa
kieu:
Cingciripit
tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré
seuseukeutna
Jol Pa Dalang
Mawa wayang, jrékjréknong!!
d.
Ayang-ayang Gung
Ayang-ayang Gung
Gung goongna ramé
Menak Ki Mastanu
Nu jadi Wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos kangjeng dalem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong!
e.
Eundeuk-eundeukan
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nyai
Beunang deui ku abdi
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
f.
Bulan tok
Bulan tok bulan tok
Aya bulan sagedé batok
Ulin ka dieu
g.
Kalongking
Kalonging
2x anak sia rungsing peuting
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang maling
Malingna ti imah aing
h.
Olé-olé
ogong
Olé-olé ogong melak cabé di Tarogong
Dihakan ku embé ompong
Ditéang tinggal sapotong
Éh, tai manukan!
i.
Oray-orayan
Oray-orayan luar léor mapay kebon
Ulah ka kebon loba barudak keur ngangon
Oray-orayan luar léor mapay
sawah
Ulah ka sawah paréna keur sedeng beukah
Mending gé teuleum di leuwi
loba nu mandi
Saha anu mandi? Anu mandina pandeuri!
j.
Oray-orayan 2
Oray-orayan, oray naon?
Oray bungka, bungka naon?
Bungka laut, laut naon?
Laut dipa, dipa naon?
Dipandeuri!
k.
Oyong-oyong Bangkong
Oyong-oyong bangkong, kong!
Kong parakan nyambut, but!
Buten buah beunying, nying!
Nyingsatkeun cawéné, né!
Néang nu ngajuru, ru!
Ruket sajajagat, gat!
Gatrik tumpak munding, ding!
Dingkleung ka landeuhkeun, keun!
Keuna kana burang, rang!
Rangkék naék jambé, bé!
Béo menta kéjo, jo!
Johar kawali dulang budak tonggar ngégél tulang!
l.
Paciwit-ciwit lutung
Paciwit-ciwit
lutung si lutung pindah ka tungtung
Paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka luhur
Paciwit-ciwit lutung nu ti handap pindah ka luhur
m.
Hompimpah
Hompimpah
alaihum gambréng
Nyi Ijah paké baju kerén!
atawa kieu:
Hompimpah
alaihum gambréng
Ma Ijah paké baju rombéng!
n.
Pal-palan
Pompilep pimpom dar
Dar malem-malem modar
Pal hiji pal dua
Malem minggu pak bulices!
Pompilep pimpom dar
Hansip anyar wanita
Tabuh dua dilatih
Tihang listrik raruntuh
Tumis haseum karonéng
Néngtét bujal di gunung
Nungtun sapi keur depa
Parahuna tiguling
Lingas pisan japati
Tikukur guk japati anak hayam
Di kidul ngadungkuk
(disebut ngaran nu ucingna) kababayan!
o.
Ambil-ambilan
Ambil-ambilan
nyaéta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun ku dua rombongan atawa kelompok
ngajajar pahareup-hareup. Cara ngawihna silihgenti patémbalan kawas sisindiran,
tuluy tumuluy nepi ka éléh rombongan atawa kelompok nu hareupna teu bisa
ngajawab deui. Budak nu kapilih ku rombongan anu kabagéan milih, disebut
ngaranna tuluy pindah ka rombonganana atawa kelompokna, pindahna bari
éngké-éngkéan sarta bari disurakan "maling endog" ku rombongan anu
ditinggalkeun.Tuluy nu éléh biasana kudu narima hukuman ti nu meunang, lamun nu
éléh teu narima kana hukumanana bisana sok leuwih disurakan ku barudak nu
meunang atawa disebutan euweuh kanjutan keur lalaki, mun keur awéwé mah biasana
sok disebutanna téh euweuh peurahan. Kieu kakawihanna:
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- Si Anu kadieu purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé.
Kawih lianna :
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil, kami mah teu boga incu boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé
p.
Ayang Ayang gung
Ayang-ayang
gung nyaéta kawih kaulinan anu dilagukeunana bari ayang-ayangan,pauntay-untuy. Biasana
mangrupa lagu panganteur dina kaulinan ucing kuriling atawa ucing peungpeun. Kakawihanna kieu :
Ayang-ayanggung,
gung goongna ramé, ménak Ki Mas Tanu, nu jadi wadana, naha manéh kitu, tukang
olo-olo, loba anu giruk, ruket jeung kompeni, niat jadi pangkat, katon
kagoréngan, ngantos Kangjeng Dalem, lempa lempi lempong, jalan ka Batawi
ngemplong.
Kawih lianna:
Oyong-oyong
bangkong, kong parakan nyambut, buten buah beunying, nyingsat ka cawéné, néang
nu ngajuru, rungkad sajajagat, gatrik naék munding, dingklak ka landeuhkeun, keuna
kana burang, rangkék naék jambé, béo waliyulah, laha dina bilik, lika meunang
nguseup, seupan leunca ngora, ratib ngan duaan, anteur kami mulang, langka
munding bulé, lédéh kahujanan, nangtung jadi ratu, tuan besar senang, nangtung
ka nu butuh, tutali tumenggung, gung goongna ramé, ménak Ki Wastanu, nu jadi
wadana, naha manéh kitu, tukang olo-olo,loba anu giruk, ruket jeung Kumpeni, niat
jadi pangkat, katon kagoréngan,ngantos Kangjeng Dalem, lempa lempi lempong
jalan ka Batawi ngemplong, plong ka kulon plong ka wétan, tangtara Lemah-abang,
bangkong luncat ka sawah, wahon Abdul Wahab, Habib tukang bajigur, Gurka kurang
ajar, jarah ka Batutulis, lisung nini-nini, Nipong tukang tipu, puas dibom
atum, tuma nyaliara, ramé di Jakarta, tara ti sasari, ribut loba Indo, Indonésia
Merdéka.
q.
Cingcangkéling
Cingcangkéling
nya éta kawih paranti milang saméméh barudak ulin ucing-ucingan. Ieu kawih kaulinan barudak
cingcangkéling téh dilakukeunna bari ngariung henteu papisah saurang-saurang
tapi babarengan jeung biasana sok ditunjuk ku juru ngawihna nu salah saurang
budak éta, budak nu kabilang ditunjuk nurutkeun wirahma kawihna, tuluy kudu ngudag budak séjén nu
teu katunjuk.Carana budak nu kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy
lalumpatan ngajauhan budak anu geus kabilang tadi, satuluyna kitu terus nepi ka
kabéh budak beunang kacabak, aturanna teu meunang aya budak anu jauh-jauh teuing lumpatna, kudu
sakurilingeun lapang atawa buruan imah tempat maranéhna ulin, teu kaci lamun aya nu jauh berarti budak
éta kaluar maénna, atawa gugur
teu bisa ngiluan maén deui nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina
éta kaulinan, biasana barudak nu ulin bari ngawihkeun ieu kawih cingcangkéling
téh sok bari heureuy silisurungkeun, atawa bari luluncatan teu puguh embung cicing kumaha wé budak
leutik nu keur meujeuhna resep ulin.Saméméh prung sok dikawihkeun heula ku
saurang,nu sèjènna nuturkeun ngawih bari nyurakan nu kabilang. Kakawihannana kieu :
“Cingcangkéling manuk cingkleung cindeten, Plos ka kolong Bapa
Satar buleneng”
r.
Hompilah
Hompilah
nya éta kawih paranti milang saméméh prung maén ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh
eméng-eméngan. Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy,
ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran
budak.Cara ngalakukeunana barudak ngariung bari namprakkeun jeung nangkubkeun
dampal leungeunna tuluy ngawih babarengan, saha budak anu teu sarua hasil
hompilahna aya nu nangkub dampal leungeunna saurang, atawa nu nangkarak dampal
leungeunna saurang berarti éta budak nu éléh jeung eméng kudu ngudag budak
séjén nu sarua hasil hompimpahna, tuluy nalika barudak lalumpatan ogé teu kaci jauh-jauh teuing
lumpatna, lamun jauh nepi ka kaluar tina galur lapangan atawa jauh ti buruan
imah dianggap gugur atawa teu bisa miluan deui maén ucing-ucingan.Tuluy nalika
maén ucing-ucingannana biasana disawatara tempat séjén mah sok aya hukuman atawa balesan
pikeun budak nu éléh ku cara di cabak atawa dilékéték nepi ka seuseurian malah
aya budak nepi ka ngompolan manéh banget ku tuluy-tuluyan dilékéték diriung ku
budak séjénna nu teu éléh. Kieu
kakawihanna:
“Hompilah hompimpah Alaihum
gambréng”
s.
Meuncit Reungit
Meuncit
reungit nya éta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun bari siduru atwa
kabeneran aya nu keur ngadurukan sampah, boh kolot boh budak deui nu keur ngadurukanna mah, tempatna di
buruan imah atawa tukangeun imah nu lega jauh ti imah tatangga sabab paur bisi
kadurukan tépa ka nu séjénna. Ngajauhan
hal éta, kolot biasana ngadurukannana di tempat nu terbuka atawa deukeut jeung
cai, saperti di sisi susukan atawa di tempat nu loba taneuhna saeutik jukutna. Biasana dilakukeun ku barudak keur waktu peuting atawa magrib
saméméh ngaji ka masigit atawa saméméh solat isa, sok ulin heula bari kakawihan ngagugulung
kolot atawa budak séjén nu kabeneran keur ngadurukan sampah plastik atawa
ngahaja siduru alatan tiris kabulusan, kakawihan ieu dipangaruhan pisan ku
kaayaan tempat, biasana barudak nu cicingna di daérah gunung atawa di sisi laut
jarang dikawihkeun ku barudak nu cicingna di pakotaan. Kakawihanna
kieu:
“Di dieu meuncit
reungit, Di
dinya meuncit domba, Di
dieu beuki leungit, Di
dinya beuki loba.”
Kakawihan lianna :
“Ka ditu meuncit
domba, Ka dieu meuncit
reungit, Ka
ditu beuki loba, Ka
dieu beuki leungit.”
t. Ole-Ole Ogong
Olé-olé
ogong nya éta kawih kaulinan nu biasana dikawihkeun ku barudak nalika panén
bari laleumpang dina galengan maranéhna nyieun taléot (empét-empétan) dijieun
tina jarami garing. Biasana mun
keur usum panén barudak sok bari
olé-oléan suka bungah
jalan galengan mapay sawah bari arulin sok tara balik ka imah lamun can bérés
nyieun taléot mah. Kakawihanna
kieu :
Olé-olé ogong, Melak cabé di Tarogong, Dihakan ku embé ompong, Ditéang kari
sapotong.
u.
Pacublak Cublak Uang
Pacublak-cublak
uang nyaéta kawih kaulinan anu dikawihkeun babarengan bari dariuk nu saurang
nangkuban tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguhanna téh nyaéta
karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah saurang budak tuluy
pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salasaurang neguh di saha karikil atawa
sisikian ayana, mun kapanggih
saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng
sisikian anu kudu nangkuban.
Dina sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nya éta barudakna ngariung saurang
baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh. Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang
ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha
éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh. Kakawihanna kieu :
“Pacublak-cublak
uang,
Uangnya manggul lonténg, Butata butiti, Si Tata wara-wiri, Tangsi nona tangsi babah, Si Sidin
mau kawin, Gamelan
jegar-jegur,
Amil panghuluna , Ta e
em ta e em, ta
e em ta e em, ta
e em...”
Kakawihan kawih séjénna
:
“Pacublak-cublak
uang,
Manggoléntrang-manggolanting, Butata butiti, Gembrang-gembrung
Gembrang-gembrung, Bo e-em, bo e-em...”
v.
Trang Trang Koléntrang
Trang-trang
koléntrang nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun ku barudak sangkan hujan
raat, ngarawihna babarengan henteu sosoranganan. Dina ngawihkeunanna dipingpin ku hiji budak nu pangkolotna, tuluy diturutan ku budak
séjénna. Biasana
ngarawihna bari dariuk, atawa keur ngarumpul di tepas jeung téras imah sabari
siduru di hawu, atawa sabari
ngariung jeung kulawargana, atawa jeung babaturanana teu kaci lamun ieu kawih
dikawihkeunna ku sorangan, cenah mah hujanna ogé moal raat lamun dikawihkeunna
ku sorangan mah, jadi kudu ku
lobaan babarengan, sakapeung mah sok dilombakeun ieu kakawihan téh pikeun
sababaraha golongan nu tangtuna reueus kana kabudayaan sunda. Barudak bihari mah kana kakawihan téh éstuning tarapti pisan, mun
rék nanaon ogé sakapeung mah sok bari ngawih boh keur leumpang, keur cicing
komo keur ngalamun mah malah sok nyiptakeun sisindiran sorangan dina
lamunanana. Ieu dihandap
aya kawih kaulinan budak mun keur nungguan hujan sangkan raat kieu kakwihana:
“Trang-trang
koléntrang, Si
londok paéh nundutan,Tikusruk kana durukan , Mesat gobang kabuyutan.”
Kakawihan lianna :
“Trang-trang koléntrang, Si londok paéh nundutan, Tikusruk kana
durukan, Mesat
gobang kabuyutan, Nyéh
prot nyéh prot, Nya
nyéréh nya kempot.”
w. Ucang
Ucang Anggé
Ucang-ucang anggé nya éta kawih
kaulinan anu biasana dilakukeun ku budak atawa kolot nu keur ngasuh budakna,
bari ucang-ucangan diuk dina golodog nu aya kolongan, sukuna diayun-ayunkeun ka
hareup jeung ka tukang ka lebah kolong handapeun pangdiukan sababaraha kali. Biasana
bari ngasuh budak leutik boh adi boh dulur ku nu ngasuh budak leutik mah
tonggong dampal sukuna sok didiukan ku budak asuhannana, biasana ngolo budak nu hayang jajan indungna teu boga duit, atawa
ngolo budak nu keur ceurik diheureuyan ku batur sok seuri deui ari
diucang-ucangan mah langsung bungah deui, kitu kolot baheula mah ari ngolo
budak téh, béda jeung jaman ayeuna ngolo budak téh geus wé dibéré duit langsung
cageur biasa deui, éléh ku duit mah atawa dibéré es krim geus wé langsung jempé
ceurikna téh. Barudak nu naék dahan awi ogé sok ucang-ucangan, bari ngawih
ucang-ucangan malah aya nu sok bari eundek-eundekan ngaheureuyan nu ngaliwat. Ngawihna
kieu :
“Ucang-ucang
anggé, Mulung muncang ka papanggé, Diudag ku anjing gedé, Anjing gedé nu Ki
Lebé, Ari gog, gog cungungung.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar