Senin, 29 Juni 2020

Materi Artikel Pertemuan ke 2


2.    Medar Eusi Artikel
Artikel nya éta karangan faktual sacara lengkep kalawan panjang  nu tangtu dijieun pikeun  dipublikasikeun (dina koran, majalah, buletin, jsb) jeung miboga tujuan nepikeun gagasan jeung fakta nu bisa ngayakinkeun, ngadidik, jeung ngahibur. Cara nulis karangan artikel aya nu maké narasi, déskripsi, éksposisi, atawa argumentasi. Bisa ogé gabungan tina sababaraha nu disebutkeun tadi.
Artikel biasana diwangun ku bubuka, eusi, jeung panutup. Disebutna babagian atawa Struktur artikel. Cara ngabahasna bisa ku cara déduksi bisa ogé ku cara induksi. Déduksi ngabahas dimimitian ku hal-hal nu umum terus ngabahas hal-hal nu husus. Sedengkeun induksi sabalikna nya éta ngabahas hal-hal nu husus heula kakara nu umum. Eusi artikel bisa mangrupa Sajarah, carita lalampahan, Arguméntasi, Hasil panalungtikan, Bingbingan pikeun ngalakukeun/ ngerjakeun hiji hal.
Di handap aya sababaraha conto artikel pék baca!
WISATA BUDAYA DI CIBUNTU KUNINGAN
             Kuningan, Jawa Barat (Jabar) memang mangrupa salah sahiji  wilayah nu miboga loba potensi wisatana, utamana wisata alamna. Ningali kana ieu potensi sakelompok warga, kompak ngabentuk konsép Désa Wisata nu pernahna di suku Gunung Ciremai. Pernahna éta désa téh ayana di Désa Cibuntu, Kacamatan Pasawahan, Kabupatén Kuningan. Mimiti aréa zaman batu, curug, nepi ka pakampungan  husus domba ogé aya.

            Désa Cibuntu nu geus diwangun jadi hiji  désa wisata di kabupatén Kuningan téh salawasna boga tarékah pikeun ngabebenah jeung nyobaan méré pelayanan nu panghadena ka satiap  wisatawan nu datang. Pangarahan jeung panduan panghad
éna ti Kapala Désa.
1. Kampung Domba

            Kampung Cibuntu, nu lokasina memang eksotik disabudeureunna ratusan h
éktar pasawahan jadi srogana pikeun jalma nu hayang rileksasi diri. Salian ti éta, pamandangan unik bisa ku urang katingali. Dina waktu asup ka éta daérah nya éta Désa Cibuntu langusng kaambeu bau kotoran domba. Naon pangna kitu sabab disabudeureun éta kampung aya puluhan kandang domba nu jumlahna ratusan.

            Lamun ku urang ditingali ti kajauhan, bakal katingalina siga perumahan m
éwah. Padahal lain perumahan tapi perumahan nu cicingna ratusan domba. Masyrakat Cibuntu sacara gotong rosyong ngawangun éta tempat kandang domba tea.

2. Puluhan Situs Purbakala
          Situs Bujal Dayeuh nya éta salah sahiji situs nu miboga ajen sajarah nu ayana di Désa Cibuntut. Bujal Dayeuh hartina beuteung Dayeuh. Dina taun 1970 ogé kapanggih sababaraha  perkakas sajarah saperti batu, kampak,  geulang jeung situs Hulu Dayeuh.   Diperkirakeun dina zaman megalitikum, mangsa éta penemuan téh geus asup kana mangsa batu halus. Arca Purbakala bisa katingali jeung kapanggih dina bentuk batu kasar. Situs aheng lainna nu aya di éta Désa téh nya éta situs anu bentukna arca jenis wanoja atawa ratu, warga nyebutna situs  Saurip nu hartina sakahirupan atawa kebersamaan.

3. Curug Air Terjun Gongseng
          Ti daérah nu cukup luhur kaéndahan curug bakal ngadumanis pisan jeung kaendahan leuweung nu masih kénéh hejo ngemploh tangtu wae nu datang/wisatawan bakal ngarasa boga kesan nu luar biasa. Sanggeus ngurilingan sabudeureun éta wilayah nya éta hawa segerna curug Gongséng, saderék bakal ngarasekeun ogé kaendahan leuweung-leuweung nu aya di éta padésaan nya éta  Désa Cibuntu tea.  Puluhan flora jeung bubuahan nepi ka tangkal hérbal.  Salian ti éta ogé urang bakal manggihan sababaraha situs lainna salian ti Bujal Dayeuh nu diperkirakeun umurna geus 5000-10.000 taun katukang dina zaman megalitikum kasar.

                     (Sumber:Fokuscirebon.com) 

Kuningan, Jawa Barat (Jabar) memang mangrupa salah sahiji  wilayah nu miboga loba poténsi wisatana, utamana wisata alamna. Ningali kana ieu potensi sakelompok warga, kompak ngabentuk konsep Désa Wisata nu pernahna di suku Gunung Ciremai. Pernahna éta désa téh ayana di Désa Cibuntu, Kacamatan Pasawahan, Kabupatén Kuningan. Mimiti aréa zaman batu, curug, nepi ka pakampungan  husus domba ogé aya.

Paragraf di luhur téh mangrupa bagéan tina Prolog/bubuka dina artikel nu judulna “Wisata Budaya di Cibuntu Kuningan”. Bentuk paragraf atawa pada nya éta mangrupa deskripsi atawa ngagambarkeun kaayaan Désa Cibuntu, Cara medar éta paragraf nya éta ku cara deduksi nya éta ngabahas dimimitian ku hal nu sipatna umum. Kecap Kuningan Jawa barat sipatna umum diteruskeun kana hal-hal husus nu mangrupa ciri-ciri  tina lokasi éta wilayah.
            Bagéan eusi dina éta pedaran ayana dina pada katilu, kalima jeung pada kagenep. Inti tina pada katilu nya éta ngeunaan kumaha gambaran kampong domba. Pada kalima nerangkun ngeunaan hiji situs nu aya di éta wilayah ngarana situs “Bujal Dayeuh” nu hartina  beuteungna dayeuh. Disbut situs sabab aya peninggalan sajarah mangrupa kapak, batu, arca purbakala dina jamam megalitikum.
Sedengkeun eusi nu aya dina paragraf/pada kagenap nya éta nétélakeun ngeunaan tempat wisata nu kacida endahna mangrupa curug Gongseng.
            Bagéan panutup dina éta artikel nya éta masih aya dina pada kagenep nu nyaritakeun perjalanan ka tempat situs jaman megalitikum tea.

Latihan Soal 2
Jawab pananya di handap luyu jeung eusi artikel di luhur!
1.      Pek ringkes deui bagéan bubuka dina artikel di luhur!
………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………........................
2.      Sebutkeun wangun pada paragraf artikel di luhur1! Sarta bagéan mana nu nuduhkeun éta bagéan téh!
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………….
………………………………………………………………………………………………….
3.      Cara medar bubuka di luhur téh nya éta ku cara deduksi pek sebutkeun alesasana!
…………………………………………………………………………………………………
4.      Sebutkeun bagéan eusi dina éta artikel téh!
………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………
5.      Kumaha bagéan panutupna éta artikel? Sarta aya dina paragraf ka sabaraha?
…………………………………………………………………………………………………


Tést Prakték 1 (individu)
Pek hidep nyieun hiji artikel temana bebas jumlah kecapna minimal 200 kecap maksimal 400 kecap. Terus tulis dina BLOG pribadi! Pikeun bukti kirim éta karya ka Akun Bapa/ibu guru hidep.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar