Senin, 29 Juni 2020

Materi Artikel Pertemuan ke 1

A, Matéri Pokok : Perkara Artikel

1.      Conto Artikel
Pék baca masing gemet!

Féstival Sunda-Cirebonan
TEMPO.COM anyar-anyar ieu ngarilis  Féstival Sunda-Cirebonan nu dilaksanakeun ku  Pamerintah Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, dina raraga Hari jadina. Mangrupa gabungan tradisi dua daérah nu béda tina widang budaya. "Katingali salian ti   endah, megah, tur harmonis," ceuk Bupati Purwakarta Dédi Mulyadi di sela-sela pintonan Féstival dina peutingan kamari.
Kasenian tradisional Sunda nampilkkeun wayang golék, domyak, jeung badingdut. Ti para seniman wilayah Pantai Utara (Pantura) Cirebon, nampilkeun atraksi kasenian Cirebonan, saperti tarian tayub, tarling, lais, sarta topeng banjet jeung benjang.
Sakabéh atraksi kasenian tradisional téh dipintonkeun di sapanjang jalan Soedirman jeung Singawinata, Purwakarta. Pintonan nu dimimitian jam 19.30 nepi ka 00.00 itu ngarebut perhatian puluhan rébu pelancong ti Jakarta jeung sabudeureunna, saperti Banten, Bandung, jeung wilayah Priangan, kitu deui ti Pantura Subang, Indramayu, sarta Cirebon.
Dédi nembrakeun yén baheula, antara wilayah nu dikawasa ku  Karajaan Sunda jeung Cirebon pernah béda paham. Tapi kadieunakeun sairing waktu nu geus kaliwat, éta perbédaan paham téh bisa direngsekeun kalawan damai ku misi misi kasenian jeung kabudayaan.
Dédi ngajelaskeun yén, anjeuna hayang terus ngamumule éta kasenian jeung  kabudayaan pikeun alat ngadeukeutkeun tali silaturahmi  antara masyarakat tatar Sunda jeung Cirebon ayeuna sabari ngamumule kasenian tradisonal masing-masing. Dédi nyebutkeun sok sanajan  kasenian Sunda jeung Cirebonan téh béda-béda, tapi substansina mah sarua nggambarkeun  eunteung nu lengket kana persatuan jeung duduluran.
Ku kituna, Dédi hayang ngajadikeun/ngarutinkeun Féstival Sunda-Cirebonan téh minangka agenda taunan panggung pariwisata jeung pintonan dina satiap miéling Hari Jadi Purwakarta jeung Hari Jadi Kabupatén Purwakarta dina média akhir Juli nepi ka akhir Agustus.
Dédi ngarasa prihatin beuki saeutik masyarakat Sunda nu daék ngaguar ajen inajen kabudayaanana. "Di Jawa Barat, di urang teu leupas ti pangaruh Cirebon, Bétawi, Banten, jeung  Sunda Priangan sabab aya kasang tukang sajarah budaya. Urang kudu boga kayakinan yén sararéa baraya urang," ceuk Dédi negeskeun.
Saurang seniman tarling, Teguh, ngaku reueus bisa jadi bagéan ti palaku éta Féstival seni-budaya. "Reueus lantaran kuring sadaya bisa ngabaur jadi kulawarga besar Sunda jeung Cirebon tanpa aya dinding pamisah," tembalna. Maranéhna ogé mapag kalawan hade tur daria dina acara perhelatan Féstival Sunda-Cirebonan nu digelar taun ieu.

2.    Kandaga Kecap (Sunda-Indonésia)
·         Gemet:             teliti
·         Pintonan:         tampilan
·         Peutingan:        malam
·         Sakabéh:          semua
·         Sabudeureun:   sekitar
·         Nembrakeun:   menyatakan
·         Diréngsékeun:  diselesaikan
·         Ngamumule:    melestarikan
·         Eunteung:        cermin
·         Minangka:        sebagai
·         Kasang tukang:            latar belakang
·         Negeskeun:      menegaskan
·         Reueus:                        bangga
·         Pamilon:          peserta

Conto artikel nu séjénna:
Latihan soal 1
Jawab pananya di handap luyu jeung eusi artikel di luhur!
1.   Tuliskeun ideu poko dina  pada kahiji!
...............................................................................................................................................................
2.    Nilik wangunna éta artikeul téh mangrupa jenis artikel?
...............................................................................................................................................................
3.    Saha nu boga alpukah/peran dilaksanakeunna éta kagiatan di luhur téh?
...............................................................................................................................................................
4.   Dina raraga naon kagiatan Féstival téh?
...............................................................................................................................................................
5.   Kasenian naon wae anu ditampilkeun deina éta Féstival téh?
...............................................................................................................................................................
6.    Kumaha ceuk Dédi ngeunaan hubungan Karajaan Sunda jeuung Cirebon baheula?
...............................................................................................................................................................
...............................................................................................................................................................
7.   Di jalan naon bae éta kagiatan téh digelarna?
...............................................................................................................................................................
8. Dédi ngajelaskeun sok sanajan Seni Sunda jeung Cirebon téh béda tapi …..
...........................................................................................................................................................
9.  Naon sababna Dédi bet ngarasa prihatin?
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
10. Kumaha perasaan Teguh salah saurang pamilon Féstival ti Pantura?

5 komentar: