Minggu, 28 Juni 2020

Materi Artikel Pertemuan 3


Conto 2 nu bentukna biografi singkat
Biografi Rita Tila

        Penyanyi sakaligus pesinden nu ieu boga sora anu kacida halimpuna. Kualitas sorana teu bisa dianggap enteng cengkok Sundana melengking tur luar biasa. Artis nu dikabarkeun deukeut jeung comedian Sule téh ternyata salian ti saurang pesindén kahot. Salah sahiji lagu nu populerna nya éta “teuteup jeung imut.
            Pangalaman seni na lain ngan wungkul di sabudeuren Bandung atawa wilayah Jawa Barat
wungkul, tapi ogé geus ngurilingan sababraha nagara ngaliwatan misi seni di Paguronna.
Teu heran sabab Rita Tila euyeub prestasina. Prestasi nu pernah dicangking ku Rita Tila diantarana:
Juara I Kawih Se Jabar, Penyanyi Daérah Terbaik Tingkat Nasional, Juara I Kepesindenan Piala
"Titim Fatimah", Juara I  Kepesindénan Piala "Titim Fatimah",  Perolah Penghargaan
Gubernur Sebagai Penyanyi Pop Sunda Berprestasi (Anugrah Budaya), jeung réa-réa deui.
            Rita Tila kalahiran Sukabumi,16 Desember 1984 téh  téh lulusan S2 UPI Bandung
jurusan Seni music. Kusabab Rita Tila mah lulusan paguron luhur atuh teu heran salian ti
nyandang gelar artis Sunda téh oga boga pacabakan salaku Dosen. Nu panasaran hayang
leuwih deukeut manga ameng ka bumina di Komp. Kopo Permai 3 Blok 9 cdf Nomer
38 Bandung. Upama urang panasaran kana pangalaman Rita tila dina enggoning ngamajukeun
Seni Sunda bisa buka link ieu channel youtube: https://r.search.yahoo.com/_ylt=Awr9NVV_UbFeYR0A6Vn8w8QF;_





Biografi Kang Darso

          Ngaran lengkepna Hendarso, tapi leuwih dipikawanoh kalawan ngaran panggung Darso. Di tatar Sunda Darso kamashur salaku seniman; penyanyi pop Sunda jeung pamain calung. Anjeuna geus ngahasilkeun ampir 300 judul musik nu make Sunda kalawan modal calung diadumaniskeun  jeung musik pop salila ampir 45 taun. Sabagian jalma nyarebut anjeuna salaku Michael Darso Si Raja Pop Sunda, nu jadi madoman ka raja pop dunia nya éta Michael Jackson. Sababraha karya Darso nu kasohor diantarna lagu Duriat, Dina Amparan Sajadah, Ararateul (Cucu Deui), Tanjakan Burangrang, Kabogoh Jauh, jrrd.
 Darso lahir di Bandung pada12 Agustus 1945. Kiprahna dimimitian dina taun 1962 salaku  bas grup Nada Karya jeung Nada Kencana. Dina taun 2005 nu geus kaliwat Darso meunang  Anugerah Jabar Music Award salaku presiasi kana kiprahnna dina dunya musik. Salian ti éta dina taun 2009 Darso narima Anugerah Budaya Kota Bandung 2009 babarengan jeung seniman lianna.  
              Dina poé Senen, 12 September 2011 Darso ngantunkeun/pupus dina yuswa 66 taun. Anjeunna ngantunkeun di perjalanan sawaktu rék dibawa ka Rumah Sakit Daérah Soréang, Kab. Bandung.


Conto 3 nu bentukna sajarah
NASKAH WANGSAKERTA
              Geunjleung naskah Wangsakerta produk abad ka-17, ngahudang kapanasaran ngeunaan peranan Kasultanan Cirebon dina péta sajarah karajaan-karajaan tanah Jawa. Di Muséum Negeri Jawa Barat, aya sababaraha benda sajarah Cirebon mangsa harita. Dina péta Pulo Jawa nu ditulis ku urang Eropa (abad ka-16) Cirebon téh disebutna Sarabon. Sedengkeun numutkeun buku Sejarah Cirebon nu dikarang ku Kasepuhan Cirebon salaku Kepala Kesenian Wilayah III Cirebon, Caruban lalandian Cirebon téh.
               Mangsa harita disebut abad "kebangkitan Islam di Indonésia," cingcirining Kasultanan Cirebon téh ngabogaan hubungan jeung karajaan Islam Demak nu dipimpin ku Radén Patah.
               Ti saprak Pangéran Girilaya, turunan Sunan Gunung Jati, ngantunkeun di puseur karajaan Mataram, kapamingpinan kasultanan Cirebon dipasrahkeun ka palaputrana, Pangéran Martawijaya, Kartawijaya, jeung Pangeran Wangsakerta. Atuh karaton nu harita disebut Pakungwati, dibeulah dua. Nu hiji disebut kasepuhan disultanan ku Pangeran Sepuh Martawijaya, sedeng Kanoman dicepeng ku rayina, Kartawijaya. Pangéran Wangsakerta jadi asistén (panembahan) di kasepuhan.
                Lantaran aya hubungan jeung karajaan Mataram, saterusna jeung Karajaan Islam Demak, kabudayaan Cirebon loba kapangaruhan ku budaya Jawa. Tulisan jeung basana waé campuran antara Sunda jeung Jawa. Atuh seni kaligrafi Islam ogé nerékab. Di antara koléksi Museum Jawa Barat, aya Qur 'an, nu numutkeun salah saurang kuratorna mah, éta téh jieunan abad ka-17 ti Cirebon.
            Salian ti Qur'an tulisan leungeun nu ayeuna geus jadi koléksi Museum Jawa Barat, Masjid Agung Cirebon mangsa harita téh sok dipaké kumpul para wali tur sok dipaké musawarah Wali Sanga.
            Sawatara ahli sajarah masih kénéh museurkeun ka Cirebon pikeun meunangkeun naskah-naskah kuno, nu cenah masih loba kénéh di Keprabonan Cirebon, naskah Wangsakerta di antarana.
             Kawasna, kabiasaan nulis zaman harita, kawatesanan di ling­kungan karaton Cirebon wungkul, ku kituna, teu anéh mun Cirebon pinunjul dina sual naskah kuno mah.
             Saperti nu ditulis ku Ayatrohaedi dina panganteur Nagara kréta­bhumi, abad ka 17 disebut kabudayaan Pesisir, di antarana musium di Cirebon jeung Banten.
             Nurutkeun Édi S. Ékajati mah naskah kuno masih kénéh loba sumebar di masarakat. Utamana wedalan Cirebon jeung Banten nu harita keur nanjeur. Mémang rada hésé maluruh peradaban zaman harita téh. Salian ti naskah-naskah kuno can kapanggih, katambah deuih sajarahna ngabogaan sababaraha vérsi.
              Naskah kuno nu geus dikumpulkeun di Museum Jawa Barat, kawilang miskin. Salian ti Al Qur'an jeung 40 naskah Wangsakerta can aya deui nu séjénna.
              Di Museum Jabar sorangan, nurutkeun Martindo salaku Kepala Museum, can aya ahli sajarah nu bener-bener ahli cenah. Ku kituna, rada hésé ngajujut kabudayaan mangsa harita ari lain tina buku-buku mah.
              Sok sanajan agama Islam téh ngabogaan pangaruh kuat di Cirebon, tapi ari naskah-naskah kuno mah, di antarana naskah Wangsakerta jeung naskah Kitab Purwaka Caruban Nagari (1720) nu ditulis ku Pangéran Arya Carbon, maké tulisan basa Jawa (Sunda-Jawa). Kitu deui pangaruh séjénna, saperti nu katangén dina karéta Paksinagaliman, karéta Panembahan di Kanoman. Minangka cirina aya motif gajah, manuk, jeung naga.
              Kabiasaan Wangsakerta resep nulis buktina nurun ka Sultan Cirebon beh dieu. Kasepuhan Karaton Cirebon, Sulaéman Suléndraningrat, dina mangsa jenengna sok resep nulis ogé. Sulaéman kungsi nulis sajarah Cirebon, di antarana peranan Cirebon dina ngabantu Demak ngagempur Mataram.
Tést Prakték 2 (Kelompok)
Kerjakeun dina kertas Polio bergaris. Kelompok dibagi jadi 9 kelompok. Kel. 1-3 ngerjakeun conto artikel 1. Kel. 4-6 ngerjakeun conto artikel 2. Saterusna kelompok 7-9 ngerjakeun conto artikel 3. Di handap rincian pagawéan nu kudu dikerjakeun ku masing-masing kelompok.

1.     Sebutkeun temana artikel nu dianalisis ku masing-kelompok!
2.    Tangtukeun ideu poko (poko pikiran) tiap aline dina conto artikel!
3.     Sebutkeun naha kaasup cara déduksi atawa induksi tiap paragrafna.
4.     Jieun ringkesan (rangkuman) maké bahasa sorangan!
5.     Pilih kekecapan nu dianggap hese minimal 15 kecap. Terus téangan hartina éta kecap téh dina
        kamus atawa google translate.
6.     Presentasikeun éta hasil laporan téh dihareup kelas maké média power point ku masing-masing
        kelompok sacara giliran!


Tidak ada komentar:

Posting Komentar