Minggu, 28 Juni 2020

Materi Artikel Pertemuan ke 4


B. Matéri Pangdeudeul: Wanda-wanda pada (paragraf)
            Pada nya éta jenis tulisan nu ngabogaan ide. Ngamimitian pada ditandaan ku asup kana baris anyar. Hiji pada biasana ngawéngku pikiran, gagasan, atawa ide poko nu dibantu ku kalimah pangrojong. Pada nu mangrupa karangan non fiksi biasana dimimitian ku hal umum ogé gerakna leuwih husus nepi ka bisa ngamunculkeun argumén atawa sudut pandang.
            Dina umumna tilu nepi ka tujuh kalimah. Sakabaéhnana ngagabung dina hiji pernyataan paragraf tunggal.  Dina fiksi prosa, contohna; tapi ieu hal téh umum lamun paragraf prosa ayana di tengah atawa ahir. Upama kutipan magrupa dialog nu mangrupa fiksi, paragraf anyar digunakeun satiap aya obrolan anu ganti jalma.

1) Raraga paragraf

·         Dimimitian kalawan topik nu maké kalimah topik nu nembrakeun gagasan utama  paragraf.
·         Méré détail nu ngadukung pikeun ngarojong gagasan utama.
·         Ditutup kalawan maké kalimah panutup nu medar deui gagasan utama.

2) Wanda-wanda paragraf dumasar jenis posisi kalimahna

Dumasar jenis-jenisna

a.    Narasi nya éta wangun karangan anu nepikeun hiji kajadian atawa pangalaman dina runtuyan waktu kanu maca kalawan udagan sangkan méré kesan perkara parobahan atawa gerak hiji harti awal tepi ka ahir. Pék Ilikan conto sempalan téks narasi di handap!
Kaduhung Baha ka Ema
      Jam sabelas tos wangsul ti sakola. Abdi atoh pisan kumargi tiasa ameng heula sareng rerencangan. Ti kelas kénéh tos badami bade mengbal di lapang tukangeun pabrik. Bring wéh abdi sareng réréncangan anu tos baradami lalumpatan muru lapang. Dugi ka lapang, teras gentos seragam ku acuk ameng, ari sapatu mah teu dibuka, kumargi upami teu nganggo sapatu sieun kacugak.
b.    Deskripsi nya éta karangan nu ngagambarkeun hiji hal, nétélakeun naon-naon nu diindra, tur ngagambarkeun perasaan jeung paripolah jiwa dina wangun kalimah. Pék Ilikan conto sempalan téks deskripsi di handap!
Kasenian Celempung ti Cibuluh Kab. Subang
             Celempung téh hiji alat waditra anu bahanna tina Awi, bisa awi hideung, awi gombong, atawa awi naon baé. Awi nu rék dijieun celempung, mangrupa awi guluntungan, panjangna dua buku atawa dua ruas. Bagéan puhuna dibolongan, kitu deui bagéan tengahna. Hinis bagéan hareup disebit, atawa dicokél kalayan legana hinis nu disbit kira-kira sagedé curuk kolot. Hinisna nu disebit lobana dua lembar, jarakna opat senti.Anu tukang ditunjel bagéan tengahna, demi hinis bagéan hareup maké babantal, rubakna 4 cm, panjangna 4,5 cm, dipasang lebah liang sesentor.
c.    Eksposisi nya éta karangan anu ngusahakeun ngabéjérbéaskeun hiji hal kalawan tujuan pikeun mertélakeun, sangkan dipikanyaho ku balearéa. Pék Ilikan conto sempalan téks éksposisi di handap!
Basa Lisan Jeung Tulisan
              Basa Sunda lain ngan ukur dipaké gunem catur kalawan lisan baé. Tradisi maca jeung nulis dina basa Sunda geus mangabad-abad umurna. Naskah anu pangkunana asalna ti abad ka-16. Ditulis ku aksara nu ayeuna disebut aksara Sunda Kuna. Sabada dijajah ku Mataram, basa Sunda gé sok ditulis ku aksara Jawa (hanacaraka). Malah sabada aya sakola nu diadegkeun ku urang Walanda mah nya aksara Jawa nu diajarkeun téh, nepi k aréa urang Sunda nu nyangka hanacaraka téh aksara Sunda pituin. Salian ti éta basa Sunda sok dituli ku Arab pégon atawa arab gundul. Ayeuna mah prah basa Sunda ditulis ku aksara latén.
d.   Argumentasi nya éta wangun karangan nu ngébréhkeun sawangan nu nulisna perkara hiji pasualan atawa hal sangkan mangaruhan nu maca pikeun nangtukeun sikep jeung cara mikir ngeunaan hiji hal. Pék Ilikan conto sempalan téks arguméntasi di handap!
Mulangkeun Ciamis Ka Galuh
      Urang Sunda mah geus teu bireuk deui ka ngaran Ciamis téh. Umumna geus papada nyaho deuih, upama wewengkon jeung pamaréntahan Ciamis, baheula disbut Galuh, ngaran hiji karajaan di tatar Sunda. Bareng jeung robahna gelar karajaan jadi kabupatén, ngaran Galuh ogé diganti ku Ciamis. Upama urang Galuh reueus kana ngaran Galuh, lain ngandung harti yén urang Galuh ngeukeuweuk sukuisme. Wajar baé sabab ngebrehkeun sikep ngamumulé jati diri, teu lali ka purwadaksi. Urang Galuh kudu miboga tabiat anu loyog jeung palasipah kagaluhan.

 3) Babagian Pada (Paragraf) dumasar Kalimah Luluguna

a.  Paragraf déduktif nya éta paragraf anu dimimitian ku nepikeun pasualan pasulan inti atawa kalimah topic saterusna dituturkeun ku kalimah-kalimah penjelas.Pék ilikan conto paragraf deduktif di handap!


Sakola Séhat
           
            Sakola séhat nya éta sakola nu kaayaan wargana, lingkungan jeung sarana prasarana nyumponan sarat-sarat kaséhatan. Di sakola anu séhat, kaayaan warga anu ngawéngku Képala Sakola, guru, karyawan jeung parasiswana saréhat. Katitén tina absénsi nu ngan ukur saeutik. Lingkungan sakola bérésih tina masalah runtah. Warga sakola disiplin kana  aturan miceun runtah kana tempatna. Cur-cor cai teu kakurangan. Bérésih tina polusi hawa, lantaran lingkungan sakola ngémploh héjo pinuh ku tatangkalan,  sarta jauh tina haseup kandaraan anu bala wiri lalar liwat. Jauh tina sora gederna mesin pabrik atawa tempat usaha nu  maké mesin sorana tarik.
b. Paragraf Induktif nya éta paragraf anu dimimitan ku nepikeun hal-hal nu sipatna penjelasan-penjelasan saterusna dituturkeun ku kalimah ahir nya éta kalimah topik. Paragraf induktif kabagi tilu jenis nya éta generalisasi, analogi, jeung kausalitas.
1). Generalisasi nya éta pola ngembangkeun paragraf ku cara ngagunakeun sababaraha fakta husus pikeun meunangkeun kacindekan (kesimpulan) nu sipatna umum.Pék ilikan conto di handap!
            Sanggeus karangan barudak kelas tilu dipariksa, ternyata Ali, Toto, Alex, jeung Burhan, mennang nilai dalapan. Sedengkeun barudak séjénna meunang nilai tujuh. Ngan Maman wungkul nu meunang nilai genep teu aya hiji ogé anu nilaina kurang. Ku sabab kitu, meunang disebutkeun barudak kelas tilu cukup pinter dina ngarang.

2) Analogi nya éta nyusun paragraf nu eusina perbandinga dua hal nu miboga sipat nu sarua. Pék ilikan conto sempalan paragraf nu sipatna analogi di handap!
            Alam pancabuana muter sacara tartib pisan, siga mesin. Panonpoé, dunya, bulan, jeung bentang nu mangjuta-juta jumlahna, sumebar kalawan tartib naker, siga muterna roda mesin. Kabéhanana bagerak ngawirahma. Mesin nu ruwet téh aya nu nyaptakeunana nya éta manusa. Béda jeung alam nu Maha Besar nu sumebar kalawan tartib jeung rapih salila hirup teu aya nu nyiptakeunana?Nu nyiptakeunana geus tangtu waé Dzat Nu kacida pisan Maha. Jalma nu nyiptakeun mesin tangtu kacida pisan mikanyaah kana ciptaanana. Geus pasti kitu Allah nu nyiptakeun Alam tangtuna waé bakal nyaah pisan kana naon-naon nu diciptakeun ku Anjeun-Na.

3) Hubungan Kausal nya éta pola nyusun paragraf kalawan ngagunakeun fakta-fakta nu ngabogaan hubungan sabab-akibat.  Pék ilikan conto paragraf nu miboga hubungan kausal Sabab-Akibat di handap!
            Éra Reformasi taun kahiji jeung taun kadua nghasilkeun hal nu matak ngagedékeun haté. Tatanén, dagang, jeung industri, bisa direhabilitasi jeung bisa dikendalikeun. Produksi nasional ogé ningkat.  Ekspor kai jeung naekna harga minyak bumi di pasaran dunya ngahasilkeun dévisa miliaran dolar AS keur kas nagara. Ku kituna posisi rupiah beuki stabil. Ekonomi Indonésia beuki mantap ayeuna téh. Ku sabab kitu, teu heran lamun ti mimiti taun katilu dina era repormai ieu, Indonésia geus dianggap narima injeuman luar negeri kalawan syarat nu kurang pléksibel keur ngabiayaan pangwangunan.
a.    Paragraf Campuran nya éta paragraf nu dimimitian ku nembrakeun pasualan poko atawa kalimah topik saterusna dituturkeun ku kalimah-kalimah penjelas jeung ditungtungan kalimah topik. Kalimah topik nu aya ditungtung paragraf mangrupa penegasan ti awal paragraf. Pék ilikan conto di handap!
            Dina kahirupan sapopoé manusa teu leupas tina komunikasi. Kagiatan naon baé nu dilakukeun ku manusa tangtuna teu leupas ti alat komunikasi, boh sarana komunikasi  nu sederhana kitu atawa nu modern. Kabudayaan jeung peradaban manusa moal bisa maju siga ayeuna lamun teu aya sarana komunikasi.
b.    Paragraf Déskriptif/Naratif/Menyebar nya éta paragraf nu teu miboga kalimah utama. Pikiran utamanna (lulugu) nyebar ka sakabéh paragraf atwa nu tersirat dina kalimah-kalimah penjelas. Contoh:
            Di pinggir jalan loba jelema nu jualan kueh jeung inuman. Hargana marurah. Hanjakal loba laleur sabab di éta tempat aya tumpukan runtah nu geus buruk. Dina untah laleur laluasa ngapung saterusna eunteup dina kueh jeung inuman. Jalma-jalma dalahar teu ngarasa kaganggu ku laleur. Kabéhanana asyik dahar bangun nu ponyo naker sabari istirahat jeung ngobrol.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar